Mieling 40 dinten pupusna Bapak Ii Tjahridjan
Du’a ti sadaya putra-putri sareng putu Aki salawasana ngaruntuy, mugi aki ditampi iman islamna, ditempatkeun di tempat nu mulia di sisi Alloh
Duh Aki… Ti aalit dugi ka tos dewasa sapertos ieu teu lepas tina bimbingan Aki, wejangan Aki tiasa jadi pengpeling abdi supados tetep sumanget sareng optimis dina ngajalana hirup ieu. Elmu ti Aki janten cecepengan ngumbara di alam dunya.
Duh Aki… kiwari ajeun tos teu aya dikieuna, sok waas upami abdi nitenan sadaya paninggalan Aki, karya-karya Aki, teu karaos cisoca nyurucud upami ninggal eta sadayana. Mugia hasil jerih payah aki mangfaat kangge nu dikantunkeun.
Duh Aki… hapunten sadaya kalepatan abdi, mudah-mudahan urang ditepangkeun deui di aherat engke, di tempat anu dijanjikeun ku Alloh. “Rabbigfirli Waliwalidaya warhamhuma kama robbayani shogiro”

Innalillahi wainnalilaihi roji’un…
Amin…
Selamat Jalan Guruku… Bapak Ii Tjahridjan
Semoga bimbinganmu selama ini menjadi ladang amal,
Pa Ii Tjahrjan guru SMPN Pangalengan sanes?, kaleresan kantos ka wali kelasan. Mugi ssadaya amal pengabdian bapak janten nilai ibadah oge ditampi ku mantena
Hatur nuhun ka sadayana, nyuhunkeun pidu’a na wae